MODEL PENGAJARAN 3 (NYARITAKEUN TOKOH IDOLA)


MODUL PANGAJARAN 3



Standar Kompetensi    :  Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara
                                            lisan dalam menyampaikan pengumuman, menceritakan                                              
                                            pengalaman,  menceritakan tokoh,   menyampaikan bahasan,                                     
                                            berbicara melalui telepon, dan bercapak-  cakap dengan teman                               
                                           sekelas.

Kompetensi Dasar       : 7.2.4 Menceritakan Tokoh Idola
Indikator                      : 1 Dapat memilih tokoh idola dengan pertimbangan yang baik.
2. Dapat menjelaskan kelebihan-kelebihan atau kepunjulan tokoh idola
3. Dapat menjelaskan makna kelebihan atau keunggulan itu bagi orang lain.
4. Dapat menceritakan dan menerima kelemahan-kelemahan tokoh idola.

Materi Ajar :
Nyaritakeun Tokoh Idola

a.      Tujuan Pangajaran
Sabada réngsé neuleuman ieu modul hidep dipiharep bisa nulis biografi tur nyaritakeun tokoh idola, nu ngawengku;
-             Bisa milih tokoh kalawan kriteria anu merenah
-             Bisa ngararancang tulisan dina wangun rangkay karangan
-             Bisa nuduhkeun pentingna tokoh anu ditulis dina kahirupan hiji tokoh
-             Bisa milih-milih kajadian-kajadian penting
-             bisa nyaritakeun riwayat hidup tokoh idolana kalawan ngaguluyur

b.      Pedaran Materi

1)      Pedaran Nulis Biografi
Biografi téh tulisan atawa lalakon kahirupan pribadi hiji jelema. Biasana mah anus ok dijieun biografina téh tokoh dina salasahiji widang, jalma anu kawilang gedé jasana, jalma anu kakoncara, tokoh anu jadi publik figur jeung anu dipiharep jadi tuladan keur balarea.
Aya biografi, aya oge anu disebut otobiografi. Bédana, biografi mah riwayat hidup anu ditulis kubatur, ari otobiografi mah riwayat hirup anu ditulis ku sorangan.

(1) Conto Biografi:
Minangka contona, titénan sing gemet biografi anu judulna Déwi Sartika di handap!
DéwiSartika
(Bandung, 4 Désémber 1884 -Tasikmalaya, 11 Séptémber 1947)



Babad salira
Déwi Sartika lahir ti kulawarga ménak Sunda, Nyi Radén Rajapermas jeung Radén Somanagara. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, malah ka sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Déwi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicaléngka. Ti uwama anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon beunang pangwuruk istri Asistén Résidén. 


Bakat pangatik
Ti leuleutik, Déwi Sartika geus némbongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa Walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka borna, nyaéta papan bilik kandang karéta, nulis maké areng, sabakna sesemplékan kenténg.



Harita téh ukur Déwi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicaléngka geunjleung alatan barudak badéga kapatihan barisaeun baca tulis jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang ngajar budak awéwé.



Mangkat rumaja
Nalika geus rumaja, Déwi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna pituin, nu mémang boga kereteg nu sarua. Ngan, pamanna teu kitu baé bisa ngawujudkeun kahayang alona, sabab adat jaman harita nganggap awéwé teu perlu sakola, cukup ku bisa migawé naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.



Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Déwi Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.



Nikah
Taun 1906, Déwi Sartika nikah ka Radén Agah Suriawinata, saurang nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di Sakola Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.



Ngadegkeun sakola
Tanggal 16 Januari 1904, Déwi Sartika muka Sakola Istri munggaran sa-Indonésia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang, migunakeun rohangan pandopo kabupatén Bandung.



Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas. Kukituna  merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yén awéwé taya bédana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran modél Kulon. Taun 1910, sakolana diropéa migunakeun harta banda pribadina sahingga bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.



Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri Sunda nu saangen-angen jeung Déwi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan Sakola Istri di kota-kota kabupatén (satengahna ti julmah kota kabupatén sa-Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupatén Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan Istri kari tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka Bukittinggi, Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saléh. Tatar Sunda kakara lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupatén dina taun 1920, katambah ku sababaraha nu ngadeg di kota kawadanaan.



Bulan Séptémber 1929, Déwi Sartika nyieun pangéling-ngéling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Radén Déwi”. Kana giatna dina ngamajukeun rahayat, utamana kaom istri, Déwi Sartika diganjar bintang jasa ku pamaréntah Hindia-Walanda.



dicandak ti Wikipédia, énsiklopédi bébas




a.      Rangkuman

Biografi téh tulisan atawa lalakon kahirupan pribadi hiji jelema. Hidep oge sabenerna bisa nyusun biografi, Rek biografi sorangan, rek dulur atawa babaturan. Biografi nu ditulis ku sorangan, disebutna otobiografi. Cara nulisna mah bisa basajan. Ku kituna, lengkah mungaran samemeh tret nulis biografi téh nya eta nangtukeun heula jalmana anu rék ditulis biografina. Pilihan hidep tangtu bae kudu diwuwuhan ku alesan-alesan anu logis. Henteu cukup ku pédah resep atawa deukeut. Lengkah saterusna, hidep kudu ngumpulkeun bahan-bahan pikeun nulis biografi téa. Carana bisa maca tina buku atawa sumber tinulis séjéna, bisa oge ngaliwatan wawancara, boh jeung si tokohna langsung, boh jeung jalma-jalma anu deukeut tur wanoh ka éta tokoh. Anu leuwih alus mah maca ongkoh, wawancara ogé.
Sabada datana ngumpul, kari milah-milah jeung milah-milah data, mana anu pantes dipidangkeun dina biografi jeung mana anu henteu, mana anu kudu diheulakeun jeung mana anu kudu dipandeurikeun. Tidinya kakara bae asup kana tahapan ngararancang tulisan biografi. Diantarana nyieun rangkay karanganana, anu dimekarkeun deui jadi tulisan biografi anu gembleng.

b.      Tugas
(1)    Nulis Biografi

Sabada maca pedaran jeung conto biografi di luhur, pek tuliskeun Biografi salasahiji tokoh idola hidep sewang sewangan. 

Sangkan jadi hiji tulisan biografi anu hade, samemeh nulis perhatikeun ieu katangtuan di  handap!
-                                                                      Bisa milih tokoh kalawan criteria anu merenah
-                                                                      Bisa ngararancang tulisan dina wangun rangkay karangan
-                                                                      Bisa nuduhkeun pentingna tokoh anu ditulis
-                                                                      Bisa nuduhkeun pentingna tokoh anu ditulis dina kahirupan hiji tokoh

(2)   Nyaritakeun Tokoh Idola
Sabada rengse nulis biografi salashiji tokoh idola, pek caritakeun di harepeun kelas kalawan ngaguluyur.



c.       Test Formatif
-                                                                      Closed test (5 soal)
-                                                                      Pilihan Ganda (10 soal)
-                                                                      Ngajodokeun (5 soal)
-                                                                      Jawaban singket (5 soal)
-                                                                      Ngadamel paragraph (1 paragraf)



d.      Konci Jawaban
Closed test
(1)        Tingali paragraph ka 1 wacana biografi Dewi Sartika
(2)        Tingali paragraph ka 2 wacana biografi Dewi Sartika
(3)       Tingali paragraph ka 3 wacana biografi Dewi Sartika
(4)       Tingali paragraph ka 4 wacana biografi Dewi Sartika
(5)       Tingali paragraph ka 5 wacana biografi Dewi Sartika

Pilihan Ganda
1.      Gumantung siswa
2.      Gumantung siswa
3.      Gumantung siswa
4.      Gumantung siswa
5.      Paragraph ka 1 wacana biografi Dewi Sartika

e.      Lembar Kerja
Lengkepan kalimah di handap kalawan bener!
Déwi Sartika lahir (1)…….kulawarga ménak Sunda, Nyi Radén Rajapermas (2)…….. Radén Somanagara. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, malah (3)……sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Déwi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih (4)……Cicaléngka. (5)….. uwama anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon beunang pangwuruk istri Asistén Résidén.

Cakra (x) A,B,C,D, atawa E dina jawaban anu bener!

1.      Cara nulis biografi mah umumna ngagunakeun gaya nyarita….
a.      Jalma kahiji                                   d. Jalma rea
b.      Jalma kadua                                  e. jalma sejen
c.       Jalma katilu
2.      Beda jeung otobiografi, anu biasana ngangunakeun gaya nyarita….
a.      Jalma kahiji                                   d. jalma rea
b.      Jalma kadua                                  e. jalma sejen
c.       Jalma katilu

3.      Dewi sartika teh pituin urang…
a.      Bandung                                        d. Tasikmalaya
b.      Subang                                          e. Sumedang
c.       Ciamis
4.      Déwi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicaléngka.
Kecap dirorok dina kalimah di luhur maksudna….
a.      Dibawa                                          d. Dipiceun
b.      Diurus                                            e. a,b,c, jeung d salah
c.       Disakolakeun
5.      Dewi Sartika diaku salaku Pahlawan Nasional ku Pamaréntah RI taun…
a.      1966                                              d. 1967
b.      1968                                              e. 1969

c.       1970





Leave a Reply